歌词
Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang
Harepan mugi sing jadi putusan
Da Engkang masih osok neang datang
Bulan sapasi siga nyaksi diri abdi
Pias pias sagala paninggal katambias ge panginten
Angin asih nu bihari teu deui ngalusan diri
Di gentos ku angin bajra matak sedih jeung nalangsa
Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang
Harepan mugi sing jadi putusan
Da Engkang masih osok neang datang
Aduh aduh matak paur lamun diri katalanjur sanajan diri tinggal sapasi alim jadi laif diri
Sasarengan duh padudueungan
Icikibung nu jadi payung
Layung mayung anteng kagandrung
Diditu dicipayung waktos langkung